Andelo Music - Jual Beli Service Gitar

Al Quran dan Terjemahan

Lirik Es Lilin

Es lilin mah ..... Didorong dorong
Di bantun mah ..... Di bantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan Samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu Buatan Bandung
Dicandak mah geuning Ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan Duh babaringung
Sok inggris mah aduh Henteu ngajadi

Itu saha dunungan Nu nungtun munding
Digantelan geuning Kusaputangan ...
Itu saha dunungan Nu ginding teuing
Sihoreng mah aduh Geuning jungjunan ...

Es lilin mah ceuceu Di kalapaan ...
Raosna mah geuningan Kabina - bina ...
Abdi alim dunungan paduduaan ...
Sok sieun mah dibantun kamana-mana ...
Kamana mah geuningan Ngaitkeun kincir ...
Ka kaler mah ka kaler Katojo bulan ...
Kamana mah dunungan Ngaitkeun pikir
Moal paler duh Da ku sabulan ...

Andelo Music - Jual Beli Service Gitar