Andelo Music - Jual Beli Service Gitar

Al Quran dan Terjemahan

Lirik Darso - Halangan Diri

Na kunaon sagala rupa ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha kandas pamaksadan
Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha, naha kunaon

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar, ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar meni panjang
Sapanjang jalan karéta

Aduh Gusti, aduh Gusti
Kumaha ngentengeunana
Aduh Gusti aduh Gusti
Kumaha ngabebaskeunna

Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Hate anu meurih hate nu ngajerit
kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa
Ampun, ampun duh Gusti

Andelo Music - Jual Beli Service Gitar